Contoh Sambutan Pelepasan Jenazah Bahasa Sunda yang Menyentuh Hati dan Penuh Makna

Contoh Sambutan Pelepasan Jenazah Bahasa Sunda yang Menyentuh Hati dan Penuh Makna

19 Februari 2026 | 13:22

Keboncinta.com- Pelepasan jenazah mangrupikeun salah sahiji momen anu paling haru dina kahirupan urang. Dina suasana nu pinuh ku kasedihan, urang sami-sami ngadoakeun supados almarhum atanapi almarhumah dipaparin rahmat, dihampura dosa-dosana, sarta ditampi amal ibadahna ku Allah SWT.

Dina kasempetan ieu, biasana aya sambutan ti pihak kulawarga atanapi tokoh masarakat minangka pangéling-ngéling pikeun urang sadaya.

Di handap ieu conto sambutan pelepasan jenazah dina basa Sunda:

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Alhamdulillah, puji sareng syukur urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT, anu parantos masihan urang kasempetan kanggo ngiringan acara pelepasan jenazah dinten ieu. Shalawat sareng salam mugia salawasna dilimpahkeun ka jungjunan urang Muhammad SAW, ka kulawargana, sahabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna.

Anu dipihormat para alim ulama, para sesepuh, kulawarga almarhum, sareng sadaya hadirin anu sami sumping.

Anu kahiji, atas nami kulawarga, sim kuring ngahaturkeun nuhun anu sakitu ageungna ka sadayana anu parantos sumping, ngiringan ngadoakeun, sareng maparin pangrojong boh sacara moril atanapi materil.

Anu saterasna, urang anu sami hadir di acara pelepasan jenazah ieu kedah ngala conto yén urang sadaya gé sami kedah naékkeun ibadah, utamina ibadah sholat lima waktu. Ulah dugi ka urang ngagampangkan kana sholat, sabab sholat téh mangrupakeun tihang agama, anu bakal janten amalan munggaran anu dihisab ku Allah SWT.

Dinten ieu urang tiasa nyaksian, yén hirup di dunya téh moal langgeng. Saha waé, iraha waé, tiasa dipundut ku Allah SWT. Ku margi kitu, mangga urang sami-sami nyiapkeun bekel amal shaleh saloba-lobana.

Anu terakhir, bilih almarhum dosa-na ku urang sadaya parantos dihampura, sareng upami aya hutang piutangna parantos aya anu nanggung jawab, ayeuna urang nyuhunkeun pangaksian ti sadayana: naha leres almarhum ieu kaasup jalmi anu saé, jalmi anu soleh?

Soleh? … (Hadirin ngajawab: Soleh)
Soleh? … (Hadirin ngajawab: Soleh)

Mugia pangaksian ti urang sadaya janten saksi di payuneun Allah SWT, sarta almarhum dipaparin tempat anu mulya di sisi-Na.

Hapunten bilih salami hirupna almarhum kantos ngalakukeun kalepatan, boh anu kahaja atanapi anu teu kahaja. Ka kulawarga anu ditinggalkeun, mugia dipaparin kasabaran, kakuatan, sareng katabahan.

Hatur nuhun kana sadaya perhatian sareng kahadiranana.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Tags:
Sambutan pelepasan jenazah bahasa Sunda Contoh pidato duka cita Sunda Teks sambutan pemakaman Islami Naskah sambutan takziah Sunda

Komentar Pengguna